Hiji waktu Atang papanggih jeung Bapa2 nu keur ngangon embe,
Atang: "Pa punten bade naros"
Bapa: "mangga"
Atang: "embe2 Bapa teh meuni lalintuh dibere parab naon?"
Bapa: "nu mana, nu hideung atawa nu bodas?"
Atang: “nu hideung"
Bapa: "oh, mun nu hideung daharna jukut baseuh"
Atang: "mun nu bodas?"
Bapa: "nu bodas oge sami"
Atang: “embe2 ieu kuat leumpang sabaraha kilo?"
Bapa: "nu mana, nu hideung atawa nu bodas?"
Atang: “nu hideung"
Bapa: "oh, mun nu hideung mah , aya kana 5 kilo sadinten"
Atang: "upami nu bodas?"
Bapa: "nu bodas oge sami"
Atang : (rada keuheul) "mbe2 ieu upami di ical sabaraha hargana?"
Bapa: "nu mana, nu hideung atawa nu bodas?"
Atang: "(bari keuheul) nu hideung"
Bapa: "oh, mun nu hideung rada awis, aya kana 500rebu."
Atang: "mun nu bodas?"
Bapa: "nu bodas oge sami."
Atang: " TERAS UPAMI SAMI KUNAON DIBEDA2KEUN?"
Bapa: "oh, kieu cep, upami nu hideung mah eta gaduh Bapa"
Atang: "oh kitu, upami nu bodas kumaha?"
Bapa: "nu bodas oge sami"
Atang: "K****ppppll####kk!"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar